Allah akbar, agung dina kakawasaanana, agung marton sakabeh mah aya.
Langit nyaritakeun ka mulia ana jeung cakrawala nyaritakeun karya anjeunna.
Ti poe kapoe, maranehna nyaritakeun jeung peuting nepi ka peuting,
maranehna nyaritakeun hal eta.
Allah nyiptakeun langit jeung bumi.
Anjeuna oge midamel manusa tina taneuh.
Tuluy ditiupkeun napasna kana liang irungna
Allah Nu Maha Asih, ngadamel lalaki jeung awewe
Sasaruaan sareng Anjeunna, supaya manéhna tiasa raket sareng Anjeunna
Kawitna manusa hirup dina kasaluyuan sareng Allah, sareng hirup saluyu sareng Anjeunna
Dugi ka hiji poe, iblis ngagoda ka awewe nyaeta ngadahar buah kapinteran
Tuluy dibikeun ka salakina ogé sarta manéhna milu ngadahar
Akibatna manusa ngadurhaka ka Allah, jeung nurutkeun jalan sorangan.
Akibatna manusa ngadurhaka ka Allah, jeung nurutkeun jalan sorangan.
Tapi Allah tetep mikasi ka manusa
Anjeunna teu kersa dipisahkeun ti ciptaan-Na
Nanging, kumaha Allah bisa disebut suci jeung adel
upama Anjeunna teu ngahukum dosa manusa.
Dina Kitab Suci Allah ngawujudkeun rencanana kanggo nyamaletkeun dunya tina hukuman
Jalma nu mimiti ngartos kana rencana ieu nyaeta nabi Ibrahim.
Ibrahim teh nyaeta jalma nu bener
Allah ngajangjikeun bakal ngaberkahan jang ngajadikeun katurunanana saloba keusik di laut
jeung bentang dilangit
Keur muji ka tataatanna Allah menta Ibrahim pikeun ngurbankeun putrana.
Ibrahim iman ka Allah, jeung taat ka anjeunna.
Tapi sebut manehna ngangkat peso arek menucit anakna
Malikat Allah ngeureunkeun
Malaikat ningalieun Ibrahim teh sieun jeung nurut ka Allah.
Saterusna Ibrahim ningali aya domba jalu nu tandukna ngait dina areui
maneh mangurban keun domba nu eta gaganti anakna.
Bisaprak harita Allah ngebrehkeun ka nabi Ibrahim
sangkan domba atauwa sejena kudu dipeuncit keuruntukan dosa
keur samentara nepi ka waktuna Allah nyadiakeun kurban
anu sampurna keur mayar sakabeh dosa manusa.
Dusa anu misahkeun manusa ti Allah diganti ku kurban anu ngahadikeun demi hubungan eta.
Kitab Suci ngabiwarakeun
ngeunaan anjeuna nu bakal sumping pikeun jadi korban anu sampurna keur dosa-dosa manusa.
Siga domba jalu anu ngagantikeun anak Ibrahim,
ku kituna oge anjeunna bakal ngagantikeun manusa sangka manusa meunang panghampura.
Loba jalma nu nyebut Almasih nu bakal datang keur ngahubungkeun manusa jeung Allah.
Sakabeh nabi geus ngaramalkeun sajelas-jelasna
loba halo perkara Almasih mang ratus ratus tahun sancan kasumpinganana.
Nabi Isa ngaramalkeun jeung kelahirana mangrupa hiji mukjizat
hiji parawan bakal ngandung hiji pameget anu bakal disebut sang anak anu lungsur.
Nabi Mikha ngaramalkeun yen Almasih bakal dibabarkeun di Beetlehem.
Nabi Zakaria ngaramalkeun yen anjeunna bakal lebet ka Yerusalam bari nupakaldi.
jeung dihyanat ku salah sahiji muridna.
Nabi Isaaya ngaramalkeun non wae nu bakal dipidamel ku Almasih waktos anjeuna sumping.
anjeuna anu dipilih Allah bakal nepikeun beja alus ka nu sangsara
nyageurkeun hate nu rembug ngabejaan ka nu keur jadi tawanan
jeung ngbejakeun taun kaasihan Allah ka umatna.
Jadi saha Almasih teh dina abad kahiji datang hiji nabi nu jenenganana Isa.
loba anu ngaduga yen anjeuna teh jalma anu kasumpinganana
geus ramalkeun ku para nabi sateuacanna.
Naha eta teh bener Naha hirupna teh cocok jeung ramlan eta?
Naha Isa teh leuwih ti sakur nabi?
Ieu riwayat hirupna nurutkeun catetan para saksi mata nu aya dina Kitab Suci.
Sankan urang ngarti jeung narik mangpaat tina kahirupan Isa.
Ku kituna pribadi Isa diperankeun kuhiji aktor sanajan moal aya aktor nu pantes merakkeunana.
Teofilus nu mulia,
kuring nuliskeun kajadian-kajadian ieu kanggo anjeun sangkan anjeun bisa ngarti mana nu bener saenyana.
Dina jaman Agustus jadi Kaisar di Roma jeung Herodes jadi raja di Yudea,
Allah ngutus malaikat Jibril manggihan Maryam, hiji parawan di Nazaret.
Entong sieun, Maryam, sabab anjeun geus narima asih kurnia Allah,
anjeun rek ngandung jeung ngalahirkeun hiji budak lalaki. Ngarana Isa.
Piraku? Abi parawan keneh.
Ruh Allah rek datang ka anjeun. Anak eta rek disebut Sang anak
nu datang ti Allah. Karajaan-Na moal aya watasna.
Maryam indit ka Yudea. Nepungan Elisabet, dulurna
Oge keur ngandung sacara ajaib.
Bibi Elisabet!
Maryam!
Maryam!
Anjeun istri nu pang diberkahan,
oge buah kandungan anjeun.
Sawaktu salam anjeun kadenge,
Orok dina kandungan ieu usik bungaheun.
Abdi ngamulyakeun Allah.
Ruh abdi bungah lantaran Allah, pangeran abdi.
Ti kawit ayeuna sakabeh katurunan rek nyebut kami bagja.
Hei pangeusi Nazaret,
Kaisar Agustus marentahkeun
keur ngayakeun sensus
di sakabeh wilayah Galilea jeung Yudea.
Tiap jalma kudu ngadaptarkeun diri
di Tempat kalahirana sewang-sewangan.
Maryam oge indit ka Betlehem
Pikeun ngadaptarkeun diri jeung Yusuf, tunangannana.
Tapi euweuh tempat, keur meuting pikeun maranehna,
kajaba hiji kandang nu hina.
Di daerah eta aya nu ngarangon anu eukeur ngajaga ingan-inganna.
Ujug-ujug Malaikat Allah
nangtung deukeut maranehna jeung kamuliaan Allah nyaanggan maranehna.
Poe ieu geus lahir di kota Daud Anu nyalametkeun maraneh
nyaeta Almasih Sang jungjunan.
Maranehna langsung ningali orok anu ngagoler di jero pangokopan
Maranehna jadi jalma mimiti nu mere nyaho “Kabar gumbira”
ngenaan lahirna Juru salamet.
Sanggeus dalapan poe, orok eta disundatan jeung dibere ngaran Isa
Yusuf jeung Maryam mawa Isa ka Yerusalem
rek diserahkeun ka Allah.
Di ditu aya Simeon, jalma nu saleh, Jeung takwa, nu geus narima jangji,
yen manehna moal tilar saencan ningali Almasih.
Nun Allah, ken wae ayeuna kuring indit, pinuh katenangan,
sabab geus katingali kasalametan ti anjeuna.
Murangkalih ieu tos dipilih Allah.
Allah ngaberkahan anjeun.
Sanggeus rengse neduman katangtuan Hukum Toret di Yerusalem, maranehna baralik ka Nazaret,
Waktu Isa usia dua belas taun,
Yusuf jeung Maryam nyandak Isa deui ka Yerusalem Dina poe Paskah.
Tapi waktu balik, Isa kakantun di Bait Allah.
Maranehna balik deui rek neangan Isa,
sanggeus kapanggih Isa Keur diuk tanya jawab jeung para alim ulama.
Budak saha ieu anu loba tatanya teh?
Anjeun-Na ti Nazaret.
Jeung tingaleun di dieu.
Kuring menta dihampura.
Sakabeh nu ngabarandungan Heranen.
Anaking, kunaon hidep ngalakukeun kitu? Kami geus hariwang neangan hidep.
Kunaon neangan abdi? Naha anjeun teu terang, yen abdi kudu aya di imah Ama?
Isa balik jeung kolotna ka Nazaret Anjeuna tambah gede jeung bijak,
Tambah dipiasih ku Allah jeung manusa.
Inspirational Films, Inc. Mintonkeun
Salah sahiji dokumenter nu dicutat tina Injil Lukas
Riwayat kahirupan
ISA AL MASIH
Dina taun ka lima welas Pamarentahan Kaisar Tiberius
Pontius Pilatus jadi Gubernur Yudea,
Herodes jadi Raja Galilea,
Hanas jeung Kayafas jadi Imam Agung.
Firman Allah turun ka Nabi Yahya di padang pasir.
Manehna indit ka Sakabeh wewengkon Yordan
jeung ngawuruk ngenaan anu tarobat sangkan dihampura dosa.
Anjeun kudu tarobat!
Sangkan anjeun dibersihan!
Tangtu Allah bakal ngahampura dosa maraneh!
Sakumaha anu ditulis dina Kitab Suci Yesaya,
“Aya sora anu cumeluk di sagara keusik
'Sadiakeun jalan keur Pangeran!'”
“Lempengkeun jalan pikeun manten-Na
Lembah-lembah rek diurugan,
Anu tarengtong arek diratakeun!”
“Anu pungkal pengkol dilempengkeun, Jalan garekgok diratakeun.
Jeung sakabeh manusa bakal ningali kasalametan Allah!”
Naon anu kudu ku kuring dipigawe?
Hei, maraneh katurunan oray wulang!
Naon anu kudu ku kuring dipigawe?
Tuduhkeun jalan ka kuring!
Sing saha anu boga
dua potong baju,
kudu dibikeun hiji
Kajalma anu teu boga.
Jeung saha anu boga dahareun,
kudu mere kanu teu boga.
Guru,
Kuring sok nagih pajeg.
Kumaha ngenaan kuring?
Tong narik pajeg leuwih tina Biasana.
Jeung kuring kudu kumaha?
Naon nu kudu ku kuring dipigawe?
Ulah sok ngarampas kana duit batur.
Jeung ulah sok meres ka sasama.
Kudu cukup ku duit gajih.
Omongkeun ...
Naha anjeun
Al Masih?
Kuring ngamandian maraneh ku Cai.
Tapi anu leuwih kawasa Tibatan kuring bakal datang.
Ngudarkeun tali tarumpah-Na kuring teu layak.
Anjeun-Na engke ngamandianana ku Ruh Allah jeung seuneu
panangannana nyepeng nyiru keur napikeun Gandum ka jero leuit-Na
tapi huutna di duruk.
Ruh Allah lungsur ka Isa dina ujud manuk japati.
Jeung aya gentra Allah, “Hidep teh putra kaasih Ama. Hidep nyukakeun hate Ama.”
Isa mimiti barang damel waktos usiana tilu puluh taun.
Di kawasaan ku Ruh Suci,
Isa ningalkeun walungan Yordan
Ruh suci Dicandak ka sagara keusik.
Di dinya Isa digoda Iblis lilina opat puluh Poe
salila kitu Isa henteu barangtuang naon-naon.
Ceuk Iblis ka Anjeun-Na:
Lamun Anjeun putra Allah robah, Batu ieu jadi roti.
Ceuk Kitab Suci,
Manusa henteu hirup tina roti wungkul Tapi tina Firman Allah.
Ku Iblis Isa dibawa ka tempat nu luhur jeung ditembongkeun Sakabeh karajaan dunya.
Kaula nu nyekel kabeh kawasa jeung kamuliaan
eta sakabehna rek Dibikeun ka Anjeun,
asal Anjeun nyembah ka kaula.
Kitab Suci, “Kudu nyembah ka Allah, Pangeran maneh,
Jeung ka anjeun-Na wungkul maneh kudu ngabakti.”
Terus Iblis mawa Isa ka Yerusalem jeung ditempatkeun di puncak Bait Allah.
Lamun Anjeun Putra Allah prak luncat Anjeun ka handap,
Sabab ceuk Kitab Suci, “Allah bakal Nitah para Malaikat-Na Nangtayungan Anjeun,
sampean oge moal tigrasuk kana batu.”
Dina Kitab Suci,
“Ulah ngagoda ka Allah Pangeran maneh.”
Teras Isa angkat ka Nazaret tempat anjeun-Na diageungkeun.
Nyai.
Guru!
Dina poe sabat, sakumaha biasana Isa angkat ka tempat Ibadah.
Isa di suhunkeun ngaos bagian tina kitab Nabi Yesaya.
“Ruh Allah aya dikami,
kami ditangtukeun pikeun ngawartakeun Pikabungaheun keur nu sangsara
Kami diutus keur ngabewarakeun nyaeta ngabebaskeun para tawanan
jeung nyageurkeun anu lolong,
rek ngaleupaskeun jalma nu di aniaya,
jeung ngawartakeun yen geus waktuna Pangeran ngajait umat-Na.”
Luar biasa.
Poe ieu geus ngawujud waktu anjeun ngadengekeun.
Firman geus laksana!
Tapi mung Al Masih nu bisa ngalaksanakeun jangji eta!
Ti mana urang nyaho?
Tangtu anjeun bakal nyarita,
“Tabib, cagerkeun diri sorangan.”
“Pigawe ditempat asal anjeun
sakmaha nu dipigawe di Kapernaun.”
Saenyana,
Moal aya Nabi nu diajenan di Tempat asalna!
Kulantaran kitu Isa ngabuka diri Dina Al Masih,
nu dipilih, Nu nyalamaetkeun manusa.
Bani Israel nolak anjeun-Na.
Maranehna arek ngadorong Isa Ka jurang,
tapina Isa narabas,
tuluy indit.
Saterusna Isa indit ka Kapernaun, hiji kota di Galilea.
Serangan bangsa Rum karasa dimana-mana,
jeung rakyat Miharep datangna Al Masih anu rek ngabebaskeun Jalma rea.
Sampurasun
Rampes.
Kami bisa naek, Simon?
Mangga.
Anjeunna moal angkat?
Nyarita ka kami! Nyarita ka kami!
Nyarita ka kami!
Isa sok nyarios!
Aya dua urang ka Bait Allah Rek ngadua.
Nu hiji urang Farisi, nu lain Tukang pajeg.
Urang Farisi nagtung sarta ngadoa.
“Nun Allah, kuring muji sukur
lantaranan kuring teu siga jalma sejen nu sarakah,
teu jujur, atawa jinah jeung oge henteu siga nu sok nagih pajeg.
Kuring sok puasa dua kali saminggu.
Jeung mayar pajeg.”
Tapi panagih pajeg nangtung jauh Jeung teu wani tanggah, Manehna ngusap dada.
Jeung ngomong kieu, “Duh Allah nyuhunkeun piwelas abdi, jalma doraka.”
Kami nyarita ka anjeun,
panagih pajeg nu dibenerkeun Allah Lain urang Farisi eta.
sabab jalma nu ngagulkeun diri Bakal dihandapkeun,
saha jalma nu handap asor bakal di junjung.
Sok geura katempat nu jero,
jeung tebarkeun jalana keur ngala lauk.
Oh, Guru,
parantos sawewengi abdi di gawe totohan
naning teu kengingan.
kumargi Juragan anu miwarang,
Bade di dilaksanakeun ku abdi.
Yakub!
Yahya!
Yakub! Yahya! Cokot parahu maneh jeung tulungan urang! Gancangan!
Urang meunang loba euy!
Nggeus, cukup cukup!
Kantunkeun abdi, Jungjunan.
Abdi jalma dorhaka.
Ulah sieun.
Ti ayeuna maneh bakal ngajala manusa,
Ka dieu ka kami dengekeun kami pinas ti maneh bakal hirup.
Geura teangan Gusti pangeran, salam mantenu ridho
Geura tobat ka pangeran grasa sambad kamantenna anu geus deukeut.
Anu jarahat geura robah kalakuan jeung tobat ka Allah
Lantaran Mantena sifatulas jeung hampuraan
Maraneh bakal kaluar bari barungah sarta dituyun kalawar salamet
Anjeuna sumping! Anjeuna di dieu! Tingali!
Isa! Isa!
Abdi nyuhunkeun, pun anak didamangkeun!
Juragan tulungan! Manehna gering parna jeung meh maot!
Tulung-tulungan! Tulungan abdi!
Yairus, hampura!
Isa!
Anak anjeun geus maot.
Entong ngaganggu Guru deui.
Ulah sieun
Sing percaya, budak teh bakal cageur.
Ulah ceurik.
Budak henteu maot, keur sare.
Anaking,
Hudang.
Gra bere dahar.
Tapi kade,
ulah nyarita kanu sejen.
Sanggeus kitu Isa kaluar tuluy pasanggrok jeung saurang nu sok nagih pajeg,
nu ngarana Lewi, nu keur diuk di panto gerbang kota.
Milu ka Kami.
Salajengna Isa angkat ka pasir tuluy ngadua sapeupeuting
Sanggeus bray beurang, Isa milih dua welas urang para murid nu disebut Rasul.
Simon, anu oge disebut Petrus,
Andreas, dulurna,
Yakub,
Yahya,
Filipus,
Bartolomeus,
Matius,
Tomas,
Yakub bin Alfius,
Simon ti golongan Zelot,
Yudas, dulurna Yakub,
Jeung Yudas Iskariot nu baris ngahianat.
Bagja maraneh anu miskin,
sabab maraneh umat Allah.
Maneh nu ayeuna lapar, arek disebeuhkeun.
Maneh nu anyeuna ceurik bakal seuri.
Bagja maneh lamun maneh dipikageuleuh,
Dipiceun jeung difitnah lantaran anak manusa.
Aratoh jeung igel-igelan, Sabab ganjaranana gede di sawarga,
Sabab Nabi-nabi oge harita oge kitu
Genep wulas, tujuh welas, dalapan welas, salapan belas, dua puluh. . .éta sakabéh.
Naon enggeus?
Cilaka maneh nu baleunghar.
Sabab maneh geus ngarasakeun nikmatna.
Manehna embung beunghar, manehna pasti jalma gelo.
Cilaka maneh nu ayeuna seuri,
Sabab maneh engke bakal ceurik.
Cilaka maneh lamun sakabeh maruji ka maneh,
sabab Nabi-nabi palsu oge pada diparuji
Kami meupeujeuhan ka maneh, kudu nyaah ka musuh.
Kudu hade kanu mikageuleuh.
Kudu ngaberkahan kanu nyumpahan,
duakeun kanu telenges.
Lamun pipi kenca ditampiling,
Bikieun deui pipi katuhu,
lamun baju maneh dicokot juba maneh oge pek weh dibikeun
Bikeun ka jalma nu menta ka maneh.
Lamun batur nyokot milik maneh,
Entong di penta deui.
Lakukeun
Naon nu ku maneh dipikahayang ka batur lakukeun
Lamun maneh mikanyaah ka batur nu nyaah ka maneh,
Naon jasana?
Jalma nu boga dosa oge ngalakukeun kitu.
Lamun maneh nyieun kahadean ka jalma anu hade ka maneh.
Cobat naon jasana?
Jalma boga dosa oge dilakukeun kitu.
Naha bisa amjeuna ngarampa?
Naha bisa anejuna ngomong ka manehna?
Pikasebeleun!
Ulah kitu,
ka musuh kudu nyaah,
pigawe kahadean.
Bere nginjeum ulah ngarepkeun pulang deui.
Gede piganjareunnana di sawarga.
Maraneh bakal jadi anak-anak Allah.
Manehna hade ka jalma nu jahat.
Maraneh kudu boga sipat welas,
asih Siga Rama di sawarga.
Salamaetkeun abdi, Isa!
Ulah ngahakiman sangkan maneh teu dihakiman!
ulah ngahukuman,
sangkan maneh teu dihukum!
kudu ngahampura,
sangkan maneh dihampura.
Junjungan, Pingpin abdi di jalan Juragan!
Kudu mere, Sangkan maneh aya nu mere,
Sabab takeran nukumaneh dipake rek dipake keur maneh.
Jalma lolong teu bisa nungtun nu lolong!
Sabab duanana ti gebrus ka solokan,
Ku naon maneh ningali tatal di mata dulur maneh,
tapi balok di panon sorangan teu katempo.
Guru, tuyun sim kuring!
Sim Kuring meryogikeun, Juragan!
Bagja istri nu ngababarkeun jeung nyusuan Juragan!
Leuwih bagja deui jalma nu ngadenge timbalan Allah,
sarta ngalakukeun.
Kuring hayang wanah ka anjeun-Na.
Naha ceuk maneh
anjeuna Al Masih?
Saurang Farisi ngangkir Isa tuang di bumina.
Lajeng Isa angkat sareng calik tuang di bumina.
Barudak, sing jauh. Sok nyingkah! Tong didieu, Nyingkah!
Maranehna hayang diperhatikeun.
Naon nu dilakukeun di dieu?
Duka teuing.
Naon nu dilakukeunana?
Lamun jalma ieu Nabi, tangtu manehna nyaho saha istri ieu,
Jeung dosa-dosa naon anu geus dilakukeunana
Kaula nyaho jalma ieu, Simon.
Dengekeun kami.
Aya dua urang baroga hutang ka saurang,
masing-masing lima ratus jeung lima puluh perak.
Lantaran teu sanggup mayar,
hutang maranehna dibebaskeun.
nu mana nu pang bungahna?
Ceuk kuring mah anu loba hutangna.
Anjeun bener.
Tingali awewe ieu
Kami nyemah ka anjeuna, maneh teu mere cai keur ngumbah suku Kami.
Tapi manehna ngumbhna. Make cai panon jeung dielapan ku buukna.
Maneh teu nyium ka kami,
Tapi manehna terus nyium ka suku kami.
Maneh henteu ngaminyakan sirah Kami.
Tapi manehna ngaminyakan suku kami.
Saenyana,
Kanyaahna nu gede nandakeun yen dosana anu loba geus dihampura.
Sabab jalma anu saeutik dihampura, saeutik oge nyieun kanyaahna.
Dosa maneh geus dihampura.
Cig Geura indit sing bungah.
Isa ngider keur ngawulangkeun kasalametan.
Kadua welas murid-Na ngariring, oge sababaraha awewe.
Anu geus dileupaskeun tina ruh jahat.
Maryam, nu disebut Magdalena
Yohana bojo Kusa, Bendahara Herodes,
Jeung Susana.
Tapi, Herodes raja wilayah Galilea nu diangkat ku Pamerintahan Rum,
manjarakeun Nabi Yahya, lantaran nyeukseukan Nikahna jeung istri dulurna.
Kumaha …
Di deukeut kota Nain kuring teh ningali,
jal ma rea rek nguburkeun,
anak tunggal ti hiji randa
Barang Isa ningali randa eta, Isa karunyaeun
Anjeuna ngarampa layonna sareng Nyarios,
“Hei budak ngora, hudang!”
Budak eta tuluy hudang jeung diuk Lajeng Isa masrahkeun ka indungna.
Tanyakeun
Ka Anjeun-Na,
“Naha juragan teh anu bakal sumping tea?
Atawa abdi kedah ngantosan keneh?”
Guru!
Guru?
Yahya miwarang abdi naroskeun
Naha Juragan teh anu bakal sumping tea?
Atanapi abdi sadaya kedah ngantos keneh nu sanes?
Indit caritakeun sakur anu katempo jeung kadenge.
Jalma lolong bisa ningali,
Jalma lumpuh bisa leumpang ...
Bagja anu teu cangcaya ka Kami!
Apa hoyong ningali.
Ngke di angkatnya, katingal teu?
Enya abdi ningali anjeuna!
Hiji jalma indit nebarkeun binih.
Aya binih nu ragrag di sisi Jalan jeung ditincak batur,
tuluy dipacokan manuk.
Aya nu ragrag di tempat nu loba batu
jadi sakeudeng terus perang, sabab henteu di cebor.
Aya nu ragrag di tangkal cucuk.
Jaradi tapi kadempet,
Tuluy paeh.
Jeung aya nu ragrag di taneuh nu subur
Jaradi jeung ngahasilkeun buah,
Saratus kali lipet.
Guru,
Nnajwa nyarios jeung tiasa agala?
Maraneh dibere pangarti ngenaan rasiah karajaan Allah.
Tapi ka maranehna dibere misil sangkan maranehna nyaho …
Jeung ngadenge, tapi teu ngarti.
Tah ieu hartina misil teh.
Binih nyaeta pangandika Allah.
Ragrag di sisi jalan hartina jalma anu ngadarenge,
Tapi Iblis datang jeung ngarampas pangandika,
eta ahirna henteu parcaya jeung henteu salamet.
Ragrag di tempat anu loba batu hartina jalma eta ngadenge jeung narima,
Tapi teu akaran,
Maranehna percaya sakeudeng
waktu cocoba datang,
maranehna murtad.
Ragrag kana rungkun cucuk hartina jalma anu ngadenge pa ngandika,
tapi kahariwangan jeung kasenangan dunya anu ngalantaran kadempet maranehna
Ahirna henteu ngahasilkeun buah.
Ragrag dina taneuh subur,
hartina jalma nu ngadenge pangandika jeung nyerep kana jero hate.
Maranehna satuhu jeung ngahasilkeun buah.
Moal aya jalma nu nyenggeut lampu tuluy dituruban,
atawa nendeuna di kolong ranjang.
Manehna rek neundeun di luhur ...
Sangkan jalma ningali caangna waktos asup ka imah.
Sabab sakabeh anu ditutupan bakal kapanggih …
Jeung sakabeh rusiah pasti katembong dinu caang.
Sabab kitu darengekeun enya-enya.
Saha nu miboga ka manehna rek ditambahkeun.
Tapi cing saha nu teu boga, kabogana bakal dicokot.
Guru,
Ibu sareng saderek-saderek Juragan aya di luar.
Aranjeuna hoyong patepang.
Indung jeung dulur kami mah nyaeta sakur nu ngadenge sabda Allah,
jeung ngalampahkeunana.
Dina hiji poe Isa naek parahu sareng murid-murid-Na.
Anjeuna nyarios, “Hayu urang mentas ka talaga.”
Sabot keur balayar, Isa kulem.
Guru!
Guru!
Isa!
Urang sadayana rek tiwas!
Ombak nabrak kami, urang rek titeuleun! Guru, tulungan!
Urang rek ditulungan!
Mana kapercayaan maraneh?
Jung maranehna oge balayar ka Gerasa peuntaseun Talaga Galilea.
Isa,
Hiji putra ni sumpingna ti Allah.
Anjeun rek naon?
Kuring menta,
Mugi ulah disiksa.
Saha ngaran maneh?
Legion.
Juragan, nyuhunkeun,
ulah
ngajebloskeun kami ka jurang hukuman.
Ken we kami asup
asup ka jero
Babi-bagi eta.
Hei!
Balik!
Eureun! Eureun!
Setan-setan kaluar ti jalma eta ...
Kadieu!
asup ka jero babi-bagi.
Indit ti dieu!
Hei, tukang nyihir,
Tinggalkeun kami!
Indit ti tempat ieu!
Tinggalkeun kami!
Indit!
Abdi sumeja ngiring Juragan.
Widian abdi,
ngiring Juragan.
Gera balik,
Wawarkeun sakabeh ieu.
Isa jeung Murid-murid-Na ararindit ka Baitsaida.
Tapi loba jalma nyarahoeun tuluy naruturkeun angeuna-Na.
Wanci peuting, Petrus nyarita
Guru,
maranehna piwarang balik,
sangkan maranehna indit ka desa-desa Sabudereun ieu
Keur neangan kadahareun jeung pamondokan.
Margi tempat ieu sepi.
Maneh nu kudu mere dahar.
Kami ngan ngabogaan lima roti jeung dua siki lauk.
Puji sukur ka Allah, Gusti nu murbeng alam, anu nyayogikeun roti ti dunya.
Eu, mujijat!
Matak heran!
Ceuk jalma, kami teh saha?
Aya anu nyarita Nabi Yahya,
Aya anu nyarita Nabi Ilyas,
Aya oge anu nyarita salah sahiji Nabi
nu ngalaman hirup deui.
nurutkeun maraneh,
Saha kami teh?
Anjeun Al Masih ti Allah!
Ulah cacarita ka sasaha oge.
Putra manusa kudu sangsara jeung ditolak.
Maneh-Na rek dipaehan,
Tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui.
Naha aya nu rek miluka kami?
Abdi hoyong ngiring Anjeun, Juragan.
Tapi, widian abdi wangsul bade widi heula ka kulawarga.
Jalma nu siap ngawuluku, tapi Masih sumoreang teu panteus jadi warga pikeun karajaan Allah.
Lamun aya nu milu Kami, kudu miceun kapentingan sorangan…
Manggul salibna jeung anut kami.
Sabab anu ngabela anyawanna bakal kalegitan jawa,
Jeung nu ngorbankeun hirupna lantaran Kami bakal disalametkeun.
Naon untungna jalma nu ngabogaan dunya ieu, tapi kalengitan nyawana?
Lamun jalma era ngaku kami jeung pangajaran kami,
Putra manusa oge era ngakuna lamun Anjeuna sumping dina kamuliana-Na,
Jeung kamulian Rama sarta para malaikatna.
Sing nyaraho,
Aya sababaraha urang anu moal waka maot samemeh ningali Karajaan Allah.
Lajeng Isa nyadak Yahya, Yakub jeung Petrus ka luhur pasir pikeun ngadoa.
Sawatara Anjeuna ngadua raray-Na salin rupa jeung anggoan-Na jadi bodas nyacas.
Dak dumadak aya dua urang cacarita sareng anjeun-Na
nyaeta Nabi Musa katut Nabi Ilyas, nu pinuh kamulian sawarga.
Anjeun bakal nekanan kapastian Allah.
Anjeun bakal ditelasan di Yerusalem.
Sanggeus maranehna indit, Petrus cacarita ka Isa…
Guru, sae pisan urang aya di dieu,
Abdi bade ngadamel tilu tenda;
Sawatra Petrus nyarita, aya katembong mega ngaliputan maranehna katilu murid eta jadi sieun.
Jeung kadenge sora ti sawarga nu unggelna, “Ieu teh Sang Putra nu ka pilih. Kupingkeun Anjeuna.”
Guru!
Guru!
tan kurniawan pun anak!
Tulungan manehna.
Sabab pun anak ngan hiji-hijina.
Abdi tos nyuhunkeun ka murid-murid Anjeun ngusir ruh eta,
tapi maranehna henteu mempan.
Hei angkatan nu teu percaya jeung nu salasar.
Kudu nepi ka iraha kami kudu ngarejeugan maraneh teh?
Bawa budak na ka dieu.
Beungeutna tos pulih!
Kacida barengongeun!
Wulang abdi-abdi ngadua
Sapertos Yahya mgawulang murid-murid-Na.
Kudu kieu maraneh neda teh,
“Nun Ama nu di sawarga,
disucikeun jenengan Ama,
mugi dongkap karajaan Ama,
mugi janten kahoyong Ama di dunya sapertos di sawarga.
Paparin abdi dinten ieu tedaeun, sacekapna,
Mugi dihapunten kalepatan abdi,
sakumaha abdi ngahapunten jalmi nu midamel kalepatan ka abdi.
Sareng ulah nyandak abdi kanu cocobi,
mugi ditebihkeun abdi tina nu jahat.”
Menta, tangtu maneh bakal dibere.
Barangsiar, tangtu bakal beubeunangan.
Ketrokan, tangtu panto bakal dibuka keur maneh.
Sabab sing saha anu menta, narima,
unggal jalma nu ihktiar beubeunangan,
jeung unggal jalma anu ngetrok, pantona bakal dibukakeun.
Naha aya di maraneh, bapa-bapa anu mere anakna oray
lamun manehna menta lauk?
Atawa kalajengking lamun manehna menta endog?
Maneh nu jahat nyaraho mere nu alus ka barudak maraneh.
Komo deui Ama maraneh nu di sawarga,
Mantana bakal masihan Ruh Allah ka sing saha anu mentaka matenna.
Kami nyarita ka maraneh,
ulah salempang pikeun hirup maneh,
perkara naon anu rek di dahar ku maneh,
atawa naon nu rek ku maneh di pake.
Sabab hirup teh leuwih penting tibatan dahareun jeung awak tibatan pakean.
Perhatikeun manuk-manuk piit:
maranehna henteu melak, henteu panen, teu boga gudang jeung leuit,
tapi ku Allah tetep diparaban.
Lain maraneh teh leuwih hargaan tibatan manuk?
Cing saha nu lantaran salempang,
bisa nambah saeutik umurna?
Lamun maneh teu sanggup ngalakukeun parkara nu leuwih leutik,
kunaon salempang ku perkara sejena?
Cik perhatikeun kembang bakung.
Kumaha jadina henteu digawe jeung ninun ...
kukituna Sulaiman sanajan beunghar henteu make pakean saalus salah sahiji tina kembang eta.
Lamun Allah
ngadangdanan jukut poe ieu aya jeung isukna dipicieun ka jero seunue
atuh komo deui keur maraneh
Hei, jalma nu kurang airman.
Tambahan iman abdi sadaya.
Lamun maraneh boga kapercayaan sagede siki sasawi, maraneh bisa nitah ka tangkal ieu.
“Rabut sarta jadi di laut.” Tangtu eta parentah di turut.
Moal enya euweuh anu nyasarkeun,
tapi bakal cilaka jalma anu nyasarkeun kaumna,
leuwih hade lamun hiji batu ditalikeun kanu beuheungna tuluy dialungkeun ka jero laut.
Tibatan manehna nyasarkeun ka salah saurang ti kaum anu lemah.
Jiga kumaha karajaan Allah teh? Jiga kieu:
saurang nyokot siki sasawi jeung dipelak di kebonna,
siki eta jaradi tuluy jadi tangkal,
jeung manuk-manuk nyayang dina dahan dahana.
Kuring teu ngarti naon anu di caritakeunna-Na.
Kunaon anjeun dahar nginum babara ngajeng nu lagi pajage oge jalma nu boga dosa?
Jalma nu cageur teu merlukeun dokter, tapi keur jalma nu gering,
kami datang lain pikeun ngajak jalma mulya,
tapi keur anu baroga dosa.
Jelaskeun deui ngaenaan karajaan Allah. Aya keneh anu laina?
Ulah salempang, maraneh anu saeutik. Sabab Rama maraneh sukaeun maparin ti karajaana–Na.
Jualan sagala babandaan, duitna sedekahkeun.
Tuluy kudu boga pepeten nu moal ruksak, hiji harta di sawarga nu moal beak.
Di ditu penjahat moal bisa maling,
jeung rinyuh moal bisa ngaruksak.
sabab tibelatna hate teh ka tempat harta.
Hei, Ibu,
panyakit teh geus cageur.
Tingali! Tingali, manehna cageur! Ieu hiji mujijat! Tingali, manehna cageur! Hayu tingali!
Su – su – su – sukur, ka Allah!
dalapan welas taun.
Allah nyarengan anjeun, Guru.
Sabenerna aya genep poe pikeun digawe
jadi datang dina salah sahiji poe
lamun haya dicagarkeun, ulah dina poe Sabad!
Hei, jalma-jalma munapek!
Maneh arek ngalepaskeun sapi atawa kaldena dina poe Sabat jeung numawa ti kandang ka tempat nginum.
Ayeuna di dieu aya saurang katurunan Ibrahim anu geus delapan welas taun dibakutet ku iblis.
Teu meunang dibebaskeun dina poe Sabat?
Guru nu sae, naon nu kudu ku urang dipigawe keur narima hirup anu langgeng?
Ku naon kami disebut hade hate?
Teu aya nu sae mung Allah nyalira.
Anjeun nyaho parentah-parentahna:
Tong ngalakukeun jinah,
entong maehan, entong maling, maneh entong jadi saksi palsu.
Hurmat kai nu Bapa jeung Indung..
Tapi sadayana ku abdi tos dilakonan ti ngora keneh
Aya saperkara nu kurang ti maneh.
Jual sakabeh pangaboga jeung pikeun hasilna ka nominiskin
nu kemaneh tangtu meunang harta tisawarga, tuluy tuturkeun kami.
Tapi kami dagang — beunghar!
Kacida hesena jalma beunghar asup ka jero Karajaan Allah.
Leuwih gampang hiji onta asup kana liang jarum,
tibatan jalma beunghar asup ka Karajaan Allah.
Upami kitu saha nu disalametkeun?
Naon anu mustahil pikeun manusa, teu mustahil pikeun Allah.
Dimana Karajaan Allah teh? Sabenerna?
Karajaan Allah teu bisa ditingali.
Teu bisa disebutkeun:
“Tingali, di ditu.” Atawa, “Di dieu.”
Sabab Karajaan Allah aya di jero maraneh.
Bakal nepi waktuna maneh hayang ningali sapoe tina poe-poe Putra manusa,
Tapi maneh moal bisa nenjo.
Sabab sarua jiga kilat ti tungtung ka tungtung engke oge putra manusa dina poe kasumpinganana.
Tapi ayeuna kudu nanggung loba kacangsaraan heula jeung ditampik ku jaman kiwari.
Leuwih gampang langit jeung bumi musnah
tibatan nu pangleutikna ti hukum Toret batal.
Kami nyarita ka maneh,
loba nabi jeung Raja hayang ningali naon nu ditingali ku maneh, tapi teu bisa.
Jeung hayang ngadenge naon nu ku maneh kadenge, tapi teu bisa.
Naon nu kudu ku kami di pigawe?
Kumaha ceuk Kitab Suci?
Kumaha pamanggih anjeun?
Nyaah ka Allah, Pangeran maneh.
Jeung hate nu beresih,
jeung nyawa,
Sing sakuat-kuat-na,
jeung sabudi akal,
Kudu nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.
Maneh bener,
lakukeun, maneh bakal hirup.
Saha sasama kuring?
Lain maraneh ieu.
Naha sanes Kaisar?
Aya saurang lalaki turun ti Yerusalem ka Yerikho,
manehna dibegal jeung dirogahala,
dirangsadan tuluy ditingalkeun.
Datang saurang Imam ngaliwat ka tempat eta.
Waktu ningali jalma eta, manehna nyingkir jeung terus leumpang.
Saurang Lewi oge ngaliwat kadinya, jeung ningali jalma eta.
Tapi manehna oge nyingkir jeung terus leumpang.
Saterusna saurang Samaria ngaliwatka tempat eta.
Waktu manehna ningali jalma eta hatena watireun pisan.
Manehna ngadeukeutan jalma eta,
ngaberesihan raheutna make minyak jeung anggur, tuluy dibeungkeut.
Terus ditaekeun ka luhur kaldena, dibawa ka hiji losmen terus diurus.
Isukna, manehna mikeun dua perak duit kanu boga losmen tuluy pokna,
“Panguruskeun ieu nu gering, engke dibayar kabeh katut ongkosna.”
Cik, ti eta tilu jalma, mana nu jadi batur keur jalma nu di begal teh?
Jalma nu geus nulunganana.
Lampahkeun kitu ku anjeun. Ah!
Keun eta, barudak sina daratang ka kami jeung ulah ngahalangan.
Sabab jalma nu kieu nu ngabogaan Karajaan Allah.
Saenyana kami nyarita ka maneh,
Sing saha nu teu nyambat Karajaan Allah siga budak leutik ieu, manehna moal bisa asup ka jerona.
Saha nu nyabat barudak ieu di jero ngaran kami-kami nyambat.
jeung saha nyambat kami, nyambat Anjeuna anu ngutus kami.
Sabab nu paling leutik di antara maraneh eta nu mulya.
Hei, aya naon, aya naon eta teh?
Eta teh Isa urang Nazaret keur ngalangkung.
Isa!
Isa!
Putra Daud, Sing hawatos ka abdi!
Hayang dikumahakeun ku kami teh?
Abdi hoyong ningal deui.
Beunta
Maneh cageur lantaran percaya.
Kuring bisa beunta!
Kuring bisa beunta!
Bisa beunta!
Waktos Isa angkat ka Jerusalem loba jalma nu ngariring.
Maranehna nyuhunkeun Isa tiasa nuduhkeun jalan kasalametan.
Jeung ngajar maranehna ngenaan Karajaan Allah.
Jalma ieu bener-bener hiji Nabi!
Duh Jungjunan, salametkeun abdi!
Duh Jungjunan, salametkeun abdi!
Sukur ka Allah!
Jungjunan tuduhkan jalan lempeng!
Jalma-jalma mimiti narima anjeun-Na salaku Jungjunan jeung Guru.
Sakeus, panagih pajeg di Yerikho, hoyong ningal Isa,
hoyong manehna naek tangkal.
Turun, Sakeus,
lantaran kami rekaan jang ka imah maneh poe ieu.
Di rorompok?
Manehna hayang ka imah Sakeus?
Kumaha Sakeus tiasa kenal Isa?
Ngadangukeun!
Kuring rek mere
satunggal bandna kuring
kanu teu baroga,
jeung lamun kuring
geus meres batur,
ku kuring rek dipulangkeun
opat kali lipet!
Hese dipercaya, jalma nu sok mulung pajeg mulangkeung pajegna! Moal mungkin!
Poe ieu kasalametan geus datang ka imah ieu.
Lantaran jalma ieu oge katurunan Ibrahim!
Putra manusa datang keur neangan jeung nyalametkeun anu leungit,
Darengekeun:
Anjeun urang arindit ka Yerusalem,
sakabeh anu ditulis ku para Nabi ngenaan Putra Manusa bakal kajadian.
Anjeun bakal diserahkeun ka jelema-jelema nu kapir,
pada moyokan,
dihina jeung diciduhan.
Manehna disiksa tuluy dipaehan.
Tapi sanggeus tilu poe,
bakal hirup deui.
Sanajan Anjeuna terang arek ditelasan lantaran dosa manusa
seueur jalma nu bararungah wireh ka sumpinganana
sareng ngamuliakeun Isa salaku Raja.
Guru, repehkeun atu para panganut anjeun teh.
Kami nyarita ka maraneh, lamun maraneh jempe,
engke batu-batu ieu bakal sarurak.
Mulya! Puji Gusti! Puji Gusti!
Isa beuki deukeut ka Yerusalem ningali eta kota,
anjeunna ngalimba.
Lamun heug
Poe ieu maneh nyaho ka nu rek ngadatangkeun ka kertaan, tapi ku maneh teu katingali.
Bakal nyorang mangsa, musuh-musuh maraneh
Ngawangun panghalang sakurilingna dipeugatan jeung didesek ti unggal juru.
dijero tembok maneh maranehna rek ngancurkeun
maneh jeung barudak.
Hiji batu oge geus moal aya nu nyusun lantaran maneh teu nyaho waktu Allah badi sumping.
Bait Allah di Yerusalem geus jadi tempat jual–beuli, geus lain tempat keur ibadah deui.
Lima, genep, tujuh, dalapan, salapan, sapuluh, sabelas...
... dua - dua, dua – tilu, dua – opat, dua – lima…
Ceuk Kitab Suci,
“Bait kami nyaeta tempat sembahyang,”
ku maraneh dijadikeun sayang begal!
Anjeuna ngaleupaskeun sato sato kami.
Eureunkeun anjeuna! Eureunkeun anjeuna!
Panggil nu jaga! Panggil nu jaga!
Panghalang ti para pamingpin politik jeung agama leuwih hebat,
Lantaran loba jalma nu satuju Isa salaku Raja.
Kami nyaho loba jalma nu geus ngageugeuhkeun anjeu-Na salaku Raja.
Raja?
Raja anu baramaen, palacur jeung bangsat. Kami geus ningali saencana:
jalma nu datang, ngaku pamingpin, ahirna dipopohokeun.
Ulah nutupan panon.
Anu ngiring anjen–Na tambah loba wae.
Rakyat micinta anjeun-Na…
Jeung dipikir anjeun-Na teh Raja.
Dengekeun sing tenget,
lamun jalma ieu nyieun kaributan,
maneh bakal didatangan!
Meureun maneh bener.
Ayeuna waktuna nyinghareupan maneh-Na.
Tambah loba ahli toret jeung urang Farisi anu munapek nu ditegor ajeun-Na,
ahirna tambah loba bani Israel nu jadi ngariring anjeun-Na,
Jeung tambah loba oge tangtangan ti jalma-jalma nu ditegor anjeun-Na.
Di Bait Allah, Isa ningal saurang randa sangsara
mere persembahan dua peser.
Na teu bisa mere leuwih?
Kami nyarita ka meneh:
Randa ieu merena leuwih loba tibatan nu lain.
Sebab nu lain mere tina leuwih maranehna.
Tapi manehna, ramda miskin ieu
mere isa kabehanana nu aya di manehna.
Ucapkeun:
Naon kakawasaan Anjeun keur ngalakukeun ieu?
Saha nu mere Anjeun kakawasaan?
Kami rek nanya kamane:
Pamandian Yahya eta asal na ti Allah atawa ti manusa?
Kumaha jawabanana?
Lamun urang nyebut ti Allah,
manehna rek nyarita,
“Kunaon maneh henteu percaya?”
Tapi lamun urang nyebut ti manusa, urang bisa dibaledogan
lantaran rahayat yakin yen Yahya teh nyaeta Nabi.
Urang ti nyaho ti mana asalna.
Kaula oge moal ngabejakeun ti mana hal Kaula ngalampahkeun kieu.
Aya saurang nu muka kebon anggur.
Manehna nyewakeun kanu nyarewa…
jeung indit sababaraha waktu lilana.
Sanggeus usum panen anggur datang,
menehna nitah bujangna surang
Keur nyokot bagianana ti nu nyarewa.
Tapi bujang eta ditenggeulan jeung tuluy sina balik lengoh.
Jadi manehna nitah bujang nu lain…
Tapi gandek eta oge ditenggeulan diwiwirang, jeung dititah balik deui bari lengoh.
Tuluy manehna nitah bujang nu ka tilu.
Tapi gandek eta oge di tenggeulan ka luar kebon.
Ceuk nu boga kebon anggur teh, “Naon nu kudu ku kami dipigawe?
Rek nitah anak urang nu ku urang. Dipikaasih,
“Pasti maranehna ngajenan.”
tapi sawatara maranehna ningali budak eta ka maranehna nyarita,
“Tah ieu ahli warisna.
Hayu urang paehan sangkan warisanana jadi milik urang.”
Teraskeun, Juragan!
Tidinya maranehna nyered ka luar kebon,
Tuluy dipaehan.
Ayeuna naon nu rek dipigawe ku nu boga kebon anggur ka maranehna?
Nu boga kebon rek maen hand maranehna jeung jawakeun kebonna ka anu sejen.
Jadi, naon hartina ayat ieu?
“Batu anu dipiceun ku tukang bangunan,
enggeus ngajadi batu pangutamana.
Saha nu ragrag ti luhur batu eta tangtu pasiksak.
jeung saha nu katinggang ku batu eta,
pasti awakna remuk.
Guru,
Sim kuring terang anu disaurkeun ku Anjeun sareng nu diwulangkeun teh leres.
Sim kuring terang yen jenengan henteu ningal harkat, tapi Anjeun,
ngawulangkeun jalan Gusti kalayan jujur.
Caritakeun,
Kuring hoyong terang naha tiasa sim kuring mayar pa wajib Kaisar Rum, atanapi henteu?
Ati-ati, Juragan, maranehna teh ngajebak.
Tembongkeun ka Kami duit perakan.
Gambar jeung cap saha ieu?
Kaisar!
Pulangkeun eta ka Kaisar
anu jadi hak Kaisar,
jeung ka Allah,
Anu jadi hak Allah.
Ah, naon deui jawaban maneh?
Ayeuna, geus nepi ka poe pesta roti teu diragian, nu disebut Paskah.
Isa miwarang Petrus jeung Yahya indit pikeun nyiapkeun kadahareun Paskah.
Kuring hayang sakali ngadahar dahareun Paskah ieu jeung aranjeun saencan kuring nalangsa.
Saenyana,
kami moal ngadarhar deui nepi maksud Paskah ieu kabuktian di jero Karajaan Allah.
Puji sukur ka Anjeun, duh, Allah, Gusti sim Kuring, Raja nu murbeng alam,
ngaberkahan lumur anggur.
Tarima ieu jeung bagikeun di antara maraneh.
Kami nyarita ka maneh, kami moal rek nginum deui anggur ieu nepi karajaan Allah datang.
Puji sukur, nun Allah, Pangeran Abdi,
Raja nu murbeng alam,
Nu ngaberkahan roti hasil bumi.
Ieu badan kami nu di pasrahkeun keur Anjeun.
Lakukeun ieu keur pangeling-ngeling Kami.
Lumur anggur ieu nyaeta perjangjian anyar ku getih Kami anu di Kucurkeun keur maraneh.
Tapi tingali jelema ieu nu rek ngahianat ka kami aya jeung kami di meja ieu.
Memang Putra Manusa kudu nyangkal sakumaha ditangtukeun Allah,
tapi cilaka jelema anu ngahianat anjeuna.
Ah teu mungkin. Moal mungkin.
Mustahil!
Saha nu ngahianat teh, Guru?
Nu pangpunjulna di maraneh kudu saperti nu panghandapna,
jeung pamingpin kudu saperti nu ngawula
Sabab saha anu leuwih punjul?
Anu diuk dahar?
Atawa anu ngalaladenanana?
Tangtu wae, anu diladenan.
Tapi kami aya di tengah Aranjeun laladeneh.
Maraneh tetep ngabaturan kami dina sagala cocoba anu kasorang.
Jeung kami nangtukeun Karajaan keur maraneh,
Sarua sapaerti Bapa Kami nangtukeunana keur kami.
Maraneh bakal dahar jeung nginum sameja jeung kami di jero Karajaan Kami.
Maneh bakal dariuk dina singgasana marentah dua welas kaum Israel.
Jadi anu ngahianat teh taya.
Simon, Simon, tingali,
Setan geus nungtut keur ngagoda maneh,
Pikeun misahkeun nu hade ti nu goreng saparti patani misahkeun gandum tina kukitna.
Tapi kami geus ngadua keur maneh, sangkan iman maneh ulah luntur.
Jeung lamun maneh sadar, kudu nguatkeun batur-batur.
Guru,
Kami wantun asup panjara jeung maot,
sasarengan Jungjunan, Guru!
Dengekeun, Petrus,
Hayam moal kongkorongok poe ieu, saencan maneh ngangles kami tilu kali.
Waktu maneh ku kami di utus teu mawa naon-naon, naha maneh kakurangan?
Henteu kakurangan naon-naon.
Tapi ayeuna, anu ngabogaan dompet atawa kantong bawa,
anu teu ngabogaan pedang kudu ngajual baju jeung belikeun.
Kami nyarita
Ceuk Kitab Suci, “Anjeun disarankeun jeung jalma-jalma jahat,”
jeung naon anu ditulis ngenaan kami bakal kajadian.
Tingali,
Di dieu aya dua pedang, Jungjunan.
Cukup sakito
Mahkamah Agama keur sidang neangan jalan pikeun ngaleungitkeun Isa.
Terus iblis nyurup ka Yudas, nu di sebut Iskariot, salah sahiji ti nu dua Welas murid-na.
Manehna indit ka imam-imam kapala rek nyerahkeun Isa.
Isa ngantunkeun Yerusalem teras Angkat ka Gunung Jaitun lajeng ngadua.
Kudu ngadua sangkan maneh ulah kena panggoda.
Yudas ngajual Isa pikeun tilu puluh gebleg perak.
Isa terang yen waktu pupusna.
Pikieun dosa-dosa manusa tos caket pisan. Lajeng Anjeuna ngadua.
Nun Rama,
upami Ama kersa,
tebihkeun lumur ieu ti Abdi.
Nanging ulah numutkeun kahoyong Abdi,
Pangersa Ama bae nu kedah laksana.
Aya Malaikat ti sawarga nembongkeun dirina maparin kakuatan ka Anjeuna.
Kesangna ngucur saperti getih nu netes.
Kunaon meneh sare?
Hudang,
Jeung neneda sangkan ulah beunang ku panggoda.
Yudas,
Ku ciuman maneh, rek ngahianat Putra Manusa?
Jungjunan, naha tiasa Kuring ngagunakeun pedang?
Sok, tangkep Manehna.
Geus cukup!
Mujijat!
Na penjahat Kuring teh, maneh datang mawa pedang jeung Gegendir?
Unggal poe Kuring reujeungan jeung maraneh di bait Allah, naha maraneh teu nangkep.
Tapi ayeuna waktuna maraneh ngalaksanakeun,
kakawasaan poek nyekeul kawasa.
Tangkep Manehna!
Jaga Manehna sing bener.
Ku nu jaraga dibawa Anjeuna ka buruan jeung pada moyokan Manehna Salaku Raja bani Israel.
Ieu teh baju Raja!
Sebutkeun rek aya kajadian naon!
Anjeun rek nyalametkeun kami Nu Mulya? Rek nyalametkeun kami?
Jelema ieu oge bareng jeung Isa.
Kuring teu wawuh jeung Manehna
Abdi ningali maranehna babarengan.
Juragan, nu kawasa.
Kumaha rasana ngahurmat batur?
Maneh oge salah sahiji baturna nya.
Henteu, lain kuring.
Bener, jalma ieu teh pengiring, Isa, Sabab manehna oge urang Galilea.
Nyengkah!
Kuring teu nyaho naon nu ku maneh diomongkeun.
Isa ngareret jeung neuteup Petrus.
Pas Petrus inget naon nu di saurkeun Isa ka manehna:
“Sameneh hayam kongkorongok poe ieu. Maneh geus teu ngaku Kami tilu kali”.
Nun Allah,
pidamel
nu dipikahoyong Anjeun.
Saluyu sareng kakawasaan Anjeun nu agung.
Gusti,
Nu ngahampura nenek moyang abdi waktos aranjeuna ngadurhaka kana parentah, Gusti,
Gusti,
Anu murka ka maranehna,
Tapi maranehna teu dimusnahkeun.
Kumargi kaasih Anjeun, jangji Anjeun,
jeung kasatiaan Anjeun,
Gusti, panyalamet keur maranehna.
Saha nu nenggeul Maneh? Teguh!
Cik ramal!
Saha nu nenggeul Maneh saterusna?
Eureun!
Ceuk ureun eurang, eurang!
Bawa manehna ka Mahkamah Agama.
Hayu!
Mahkamah Agama rek sidang pikeun nanya ka Isa.
Caritakeun
naha Anjeun teh Al Masih?
Lamun Kuring disebutkeun,
Maneh moal rek percaya ka kuring.
Lamun Kuring nanya ka maneh, maneh moal bisa ngajawab.
Ti semet ayeuna Putra Manusa bakal calik di tengeneun Allah nu Maha Kawasa.
Lamun kitu,
Anjeun teh Putra Allah?
Sakumaha saur Anjeun.
Saha nu mere Anjeun kawasa keur nyebutken hal eta?
Kumaha Manehna bisa nyarita kitu? Manehna ngahina!
Dosa!
Urang geus ngadenge ti omonganana sorangan!
Bawa Manehna ka Pilatus.
Bener, bener singkirkeun Manehna!
Burun!
Maranehna mawa Isa ka hareupeun Pontius Pilatus,
Gubernur Rum nu kejeum, nu geus nyalibkeun rebuan jalma.
Aya naon maraneh isuk-isuk ka dieu?
Jelema ieu nu nyasabkeun rakyat.
Manehna nu nyieun kaributan di Bait Allah.
Hukuman naon pikeun jelema ieu?
Hukum Manehna!
Kaula teu boga alesan keur ngahukum jalba ieu.
Kami nangkep Manehna, keur nyasabkeun.
Manehna nyarek rakyat mayar pajeg ka Kaisar. Jeung ngaku-ngaku salaku Al Masih. Raja.
Raja?!
Anjeun teh Raja bani Israel?
Bener ceuk anjeun.
Manehna mimiti ti Galilea jeung ayeuna nepi ka dieu.
Di Galilea?
Manehna urang Galilea?
Lamun kitu,
urang serahkeun Manehna ka Herodes.
Manehna aya di dieu, di Yerusalem?
Bawa ka Herodes!
Saha Anjeun saenyana?
Saha bae murid-murid Anjeun teh?
Loba jalma ngomong yen Anjeun bisa nyieun kaajaiban.
Ayeuna jieun kaajaiban.
Juragan,
Manehna parantos nyasabkeun sakabeh rakyat.
Maneh nyebut diri-Na,
Raja.
Jalma ieu,
Raja?
Nu mulya.
Siksa manahna!
Balikkeun ka Pilatus,
ieu daerahna!
Manehna
teu pantes dihukum mati.
Tapi kami rekiksa weh terus rek dibebaskeun deui.
Anjeun wajid ngabebaskeun saurang tahanan di Hari Raya ieu.
Bebaskeun Barabas,
Keur kami
Barabas!
Jeung singkahkeun Jalma ieu.
Bener, bebaskeun Barabas.
Salibkeun Manehna!
Bener, salibkeun Manehna!
Maneh, maneh, Rangket, Manehna.
Naon deui nu ku Anjeun didagoan?
Manehna Isa!
Kunaon maneh nyiksa-Na nepi keun ka kitu?
Manehna antepkeun, Manehna nyaeta Al Masih!
Manehna teu ngalakukeun naon-naon!
Titah manehna nangtung!
Tapi maranehna terus menta jeung sorana tarik sangkan Isa disalibkeun.
Ahirna Pilatus mutuskeun Hukuman mati ka Isa,
manehna ngabebaskeun Barabas nu dipenjara lantaran sok barontak jeung sok maehan,
tuluy nyerahkeun Isa ka maranehna sangkan disalibkeun.
Hudang! Hudang! Geuwat.
Maneh!
Saha ngaran Maneh?
Kuring Simon, urang Kirene.
Gantikeun Manehna!
Pegatkeun talina!
Anjeun panggul ieu.
Hayoh leumpang.
Kami nyengceurikan Anjeun, Jungjunan. Leueut ieu. Leueut.
Leueut, Jungjungan.
Hei awewe-awewe Yeusalem,
ulah nyenceurikan Kami,
tapi cengceurikan diri sorangan jeung barudak aranjeun.
Sabab lamun jalma bisa migawe nu kieu kana kai nu hirup,
Komo deui kana kai nu garing?
Allah nulungan Anjeun.
Kuring ngaduakeun Anjeun.
Teruskeun, teruskeun!
Angkat!
Tancebkeun paseukna!
Lesotkeun talina!
Hapunten maranehna mah
Teu terangeun naon-naon kana dipilampah.
Jalma sejen Anjeun salametkeun, antep Manehna sina nyalametkeun sorangan!
Lamun Anjeun Al Masih, salametkeun diri sorangan! Sok turun tina salib!
Buktikeun salah sahiji mukzijat Anjeun!
Jeung Isa disalibkeun di sagigireun dua penjahat siga nu diramalkeun Para Nabi, ratusan taun saencana.
Aduh, ieu teh baju anu Ajaib pisan.
Di luhureun mustakana ditulis dina papan ieu "Raja bandi israel."
Salametkeun diri sorangan, lamun Anjeun Raja bani Israel.
Lain
Anjeunte
Al Masih?
Salametkeun
Diri sorangan, jeung …
kuring.
Naha maneh teu sieun ku Allah?
Anjeun narima hukuman nu sarua,
Jeung Maneh,
Padahal Anjeun na teu salah.
Sing inget ka abdi, Isa,
Upami Anjeun sumping janten Raja.
Kami jangji.
Poe ieu oge maneh reurenjengan di Firdaus, jeung kami.
Sanggeus kira-kira jam dua welas beurang reup poek sakurilingna daerah eta nepi jam tilu sore.
Reregan Bait Allah ancur pas di tengah-tengahna.
Nun Ama,
Ka panangan Ama,
Abdi nyanggakeun,
Nyawa abdi.
Sawatara kapala pasukan ningali naon nu kajadian, manehna muji ka Allah , caritana…
Puji ka Allah! Bener ieu jelema teh hade!
Yusuf Arimatea, salah sahiji anggota Mahkamah Agama,
teu satuju kana tindakan eta. Manehna menta ijin ka Pontius Pilatus,
Pikeun ngurebkeun Isa sateuacan poe sabat datang.
Hapunten abdi. Abdi ngiringkeun layon-Na.
Henteu naon-naon.
Tapi kadieu. Poe sabat geus rek datang.
Dina poe ahad rebu rebu keneh istri-istri teh indit kapajaratan bari mawa rampe-rampe.
Maranehna ningali batu geus ngagoler tina pajaratan eta.
Jeung Basa kajero, maranehna teu manggihan layon Isa.
Kunaon neangan Anjeun-Na anu hirup ka tempat anu paraeh?
Anjeun-Na teu aya didieu, Anjeun-Na tos gugah.
Sakumaha anu tos dicaritakeuna-Na waktu di Galilea,
yen Putra Manusa kudu diserahkeun ka jalma anu doraka, disalibkeun jeung hirup deui dina poe katilu.
Dengekeun!
Batu eta geus ngiser!
Kuring ka jero,
Layon sang Jungjunan... Lengit.
Naon? Layon Isa ngalengit?
Jeung, dua Malaikat narangtung,
deukeut urang,
Cahayana siga ponon poe.
Sarta ngomong,
“Kunaon maneh neangan anu hirup, ka tempat anu paraeh?”
Ieu bener!
Sing percaya. Sing percaya.
Kuring geus nempo! Sok indit, tingali sorangan! Pajaratan eta teh kosong! Sang Jungjunan tos angkat!
Petrus, maneh kudu percaya ka kuring!
Isa nembongkeun dirina ka dua jalma murid-Na.
Maranehna balik deui neang batur-baturna kalanyan gumbira.
Sang Jungjunan leres leres gugah!
Anjeuna nembongkeun ka Simon!
Basa di jalan,
Kuring henteu wawuh.
Tapi waktu Anjeun nyemplekeun roti,
Kuring jadi wawuh deui.
Di Emaus.
Kunaon Anjeun angkat ka ditu?
Beja pikeun maneh.
Kunaon maneh sieun?
Kunaon bet cangcaya dina pikiran maneh?
Tempo,
leungeun jeung suku kami,
kami sorangan ieu.
Rampa sarta maneh bakal nyaho.
Sabab jurig teu ngabogaan daging jeung tulang siga nu aya di Kami.
Ieu teh comongan anu bareto Kami nyaritakeun ka maneh.
Sakabeh nu dituliskeun ngenaan, kami dina Kitab Toret,
Kitab Nabi-Nabi jeung Kitab Zabur kudu kajadian.
Sakumaha anu ditulis,
Al Masih kudu sangsara,
gugah di antara anu marawat di poe katilu ...
sarta kalawan jenengan Anjeuna,
warta hal pertobatan jeung panghampura dosa kudu diwartakeun ka sagala bangsa,
mimiti ti Yerusalem.
Maraneh nyaeta saksi tina kajadian ieu,
Jeung kami bakal ngutus Ruh Allah keur maraneh,
maraneh kudu netep di Yerusalem,
nepi maraneh narima Anjeuna-Na.
Allah ngaberkahan jeung nyarengan maneh.
Ka Kami geus diserahkeun sagala kakawasaan di sawarga jeung di bumi,
Ku sabab eta, datangan, jaradikeun sakabeh bangsa murid Kami.
Marandikeun maranehna kalawan pangjenengan Rama, Putra jeung Ruh Allah.
Ajarkeun maranehna ngarawat sagala perkara anu geus diparentahkeun ka maraneh.
Jeung inget, kami marengan maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.
Amin.
Dina kitab suci, Allah negeskeun yen Almasi bakal datang pikeun anu jadi panyalamet dunya
Kahirupan Isa ngabuktikeun yen leres anjeuna teh pribadi nu dicaritakeun ku para nabi.
nabi Yesaya ngebrehkeun yen hiji parawan bekal ngandung jeung lahirkan hiji orok lalaki
mang obat terusna, kelahiran Isa jadi tina kanan ramalan eta .
Kitab suci gabrehkeun yen orok suci eta bakal disebut sang putra ngudatang ti Allah.
Yen hartina, Isa bakal disebut kitu teh dina harti rohani lain jasmani.
Kami ningali kanyatan ieu dina kahirupan sapopoe
anjeuna nyageurkeun jalma nu garering, ngahampura dosa-dosa
Ngarubah jalma babalik ka Allah,
jeung ngajanggjikeun hiji tempat dina kerajaan Allah anu langgeng.
anjeuna masrahkeun dirina jadi korban jeung gugah deui ngalahkeun maot,
sakabeh, luyu jeung ronan Allah.
Isa nyarita sanyana moal aya nu bisa ngarebut nyawa kami
kami nyerere keur nurutkeun kawasa kami sorangan.
Kahirupan Isa teu ngan saukur kanan surat pera nabi,
tapi oge neguhkeun benerna sabda Allah nu suci.
Para nabi ngebrehkeun, sabda Allah teh sampurna, sabda anjeun langgeng nun Allah.
Isa oge nyarios langit jeung bumi bakal musnah.
tapi pangantika kami mah moal musnah.
Isa datang pikeun mere hirup anu bagja
tapi wanci baheula manusa ti taat ka Allah di virdaus
manusa geus jalan sorangan
jeung tindakanana eta misahkeun maranehna jeung nu nyiptakeun.
Kitab suci kebrehkeun sakabeh jalma geus nyieun dosa jeung upahna dosa teh maot.
Ieu ngandung harti paer rohani pisan ti Allah keur salawasna.
Tapina sakumaha Allah nyadiakeun domba jalu pikeun gaganti anak Ibrahim.
kitu deui anjeunna masihkeun Almasih sangkan pupus ngagantikeun manusa.
hirupna pupusna jeung gugahna nyageurkeun hubungan antara
Allah jeung sakabeh jalma nu percaya ka anjeunna.
Ayeuna sakabeh jalma nu ngiring Isa henteu we dihampura dosana,
tapi oge diselametkeun tina hukuman Allah nu langgeng.
Maranehna dijamin asup ka surga jeung hirup sareng anjenna salalamina.
Kahirupan jeung bebasna ti kasalahan jeung kawasa dosa ieu teh,
antawarkeun ku Isa ka unggal jalma jaman kiwari.
ieu teh teu nganung harti milu ka hiji agama
tapi milih keur iman ka Isa anu unggalna minangtung dihareupeun panto jeung geto
Sau upamana aya jalma anu ngadal renggegentraan kami jeung ngabukakeun panto
kami bakal asup manggihan maraneh.
Ieu hartina babalik ka Allah jeung percay kaisafiikeun asup ka jero kahirupan urang
ngahampura dosa-dosa jeung ngajadikeun diri urang pribadi anu sarujuk kahyangan anjeunna
te cukup saukur make akal pikiran sorangan atawa pangalaman sorangan.
urang sakabeh narima Isa nu dumasar sihkurnia.
kujalan iman mangrupa tindakan kahayang pribadi.
Upama manusa narima jadi murid Isa Alamasih
tangtu bisa nyarita ka anjeunna dina dua anu sederhana.
Kiwari saupama maraneh sadia ngabuka hirup maraneh ka Allah,
mung kitu, hayu ngadoa dina saperti kieu dina jero hate maraneh:
Duh Gusti simkuring ngabutuhkeun Isa,
ngahaturkeun nuhun ku pupusna dikayu salib kanggo dosa-dosa abdi
simkuring ngaku sareng tobat tina dosa-dosa abdi
simkuring ngabuka panto hate lajeng nampi Isa janten jurus salamet jeung jungjunan simkuring
hatur nuhun anjeun tos ngahampura dosa sim kuring sareng masihan hirup anu langgeng
jadikeun sim kuring jadi pribadi nu salujeng kahoyong Gusti.
waktos simkuring jadi murid Isa.
Amin.
Isa nyaritana ka murid-muridna domadona kami mah ngadengekeun kana sora kami
kami wawuh ka maranehna jeung maranehna anu ka kami
sankeun ngalamun hirup nu bagja, jangjikeun ku Isa
murid-muridna nyarita ka Allah unggal poe dina duma jeung maca kitab suci.
Maranehna nyarita ka nulianna meunang Isa jeung ngayakeun kumpulan,
jeung maranehna nu mi asih jeung amit ka anjeunna.
Inget kana jantina nu endah, kaka wasaan di sowarga jeung di bumi
Inget kamitang tu nyarengan kamarané, salawasna nepi ka ahir jaman.